Anak Yatim Ngala Lauk

Wanci kamari, basa janari masih kénéh muringkik na pucuk awi. Wanci nu masih keneh ginding ku kahadéan, saméméh jelema-jelema anu sarakah ngagareuwakeun kakayon leuweung nu simpé. Poé sabtu puhun lamun teu lepatmah, nincak dina poé dimana aya pamilihan kuwu di désa simkuring. Di desa nu dilingkung ku gunung, sanés euceuk jeung baruk da ieumah bukti, wewengkon anu ngeplak héjo aya na luhur pasir anu jauh ti kota jeung polusi.
Sabadana pamilihan téh, anu bukti aya salah sahiji calon anu pastina menunang jadi kuwu. Kabeneran pisan éta calon téh lain deungeun-deungeun da dulur kuring sorangan, kapi uwa lamun dina runtuyananamah.
Lain deui bungah atuh étamah da atoh jeung sugema, bungah kagiri-giri, asa kagunturan madu kaurugan menyan putih harita teh, nu arayamah balakécrakan wéh langsung darahar bareng. Tapi saenyanamah lain ék mintonkeun kajadian éta simkuring dina ieu carita téh. Simkuring badé nyoba deui ngémutan yén waktu harita aya hiji mangsa anu leuwih mahal hargana nu kudu dilenyepan ku urang sadayana.
Dina saprak sanggeus nyolok éta, langsung wéh da di urang mah sok aya kabiasaan ngabedahkeun balong dina raraga sukurtan téa, sadayana atuh haritamah turun ka balong pikeun néwak lauk nu saméméhna anggeus disadiakeun ku panitia anu meunang. Wanci soré éta balong téh nyata geus saat da dikurek ku jelema sa desa.
Aya budak leutik nyampeurkeun ka akina, bajuna bari jeung bobolokot ku leutak, ceurik inghak-inghakan. Yén anjeuna geus sakumaha capéna ngagaley balong jeung leutak, tapi teu meunang hiji ogé lauk. Budak téh nyarita yén babaturanna nu lain mah aya nu teu meunang ogé dipangnéwakeun ku bapana, éta budak teh nyarita bari randutdut cipanonna. Nyarita éta budak ka akina, nanyakeun kunaon ari bapa beut teu aya, kamana bapa kuring téh beut baturmah aya marantuan ari kuring kekecepekan sorangan. Lain masalah lauk nu ku éta budak ditanyakeun jeung dicaritakeun, lain masalah baturna meunang dirina henteu, tapi masalah naha beut ari bapa kamana teu maturan.
......duh sujang, lain keur kahayang abah, lain keur kahayang ema oge, eta teh geus papastén.
Ngan teu ngarti wéh éta budak ku nu ngaran papastén, kusiwel éta budak téh ngaluarkeun useup anu tadi di bawa.
.....abah, tadinamah badé nguseup, tapi ngurek jadinamah, da isin, nu sanésmah nguseupna jeung bapana kabéh oge, maenya ujang sorangan.
Duh gusti, geuning lain nguseup lain oge ngobéng nyemplung ka balong anu matak anjeun bungahtéh.
.....abah, ujang téh di sakola ogé sarua pada moyokan, cenah ujang teu boga indung jeung teu boga bapa, ujang téh ahirnamah sok ngadon gelut wéh jeung budak nu moyokan téh, da ujangmah lamun meunang gelut berarti hébat da ujangmah teu boga indung jeung bapa anu ngabéla, lamun éléh nya wajar oge da teu boga indung jeung bapa anu miroséa.
.....abah lain lauk da nu dipikahayang ku ujang téh.
Ngadadak dada téh karasa nyesek, teu kudu wakca balaka kana naon anu dipikahayang.
......abah oge ngarti tur ngarasa naon anu dirasa ku ujang, urang du'akeun indung jeung bapa hidep, mugia aya dina rohman rohim gusti Alloh.
Dina hiji waktu éta aki nyarita ka kuring perkara, budak yatim nu ngala lauk. Si aki nyarita yén dirina bunga dibéré titinggal ti jenat anakna, nyaéta budak yatim anu mugia jadi cukang lantaran deukeut di akherat jeung kanjeng nabi.
Nabi urang sadayana kantos nyanggem yén saha jelema anu ngurus budak yatim, ké di surga bakal deukeut jeung kanjeng nabi, deukeutna jiga curuk jeung jajangkung.



Walagri-walagri anu sahuripan
Manjang wasta kancanaan
Manjang rungu padumukan
Manjang netra sakedétan.

Sahurip saharupat nyeukseuk lir paseuk
Nyukrih meletih na ati
Babasa mah kamari téh poék mongkléng
Padahal padang bulan purnamana

Mungkeret na genggerongmah lain basa
Waktu sukma di pundut Nu Kawasa
Pakupis nandangan peurih
Ngangah nandangan dahaga

Lain wanci anu indit
Lain mangsa anu mulang
Dalingding na angin ngaheos taya rasa
gugupay teu aya nu digupayan

Di dunya waktu cilaka
Lalawora kanu taya indung bapa
Waktu engké bakal talété
Pangéran mundut nu luput.

Mumpung walagri masih na diri
Rahayu masih na bayu
Mumpung masih bras caang
Bisi obor kaburu saat minyakna
Bisi sumbu geus teu bisa ditumbu
Bisi campakan ligar geus murag
Urang lumpat ka janatria, ngarengkuh papadana
Ngawayuh kanyaah ka nu codeka.
Mapag nu ngarugrag dada.

Bras geura caangkeun pamanahan
Geura bukakeun dampal tangan nu nutup
Geura laérkeun pabéasan jeung pidulur kabéh
Mumpung caang purnamana.


Comments

Popular posts from this blog

Gunung Mayana

Susuhunan Sindangjawa