Kakayon Siliwangi
Régrégan beut asa wanoh
Lamun nyampeur pipir hawu
Nyabak api nu burahray
Nyingkabkeun dedemit mukti
Basa hawa masih angkeub
Aya wanci nu kaliwat
Harita waktu munggaran
Mepeg leuit ku nyiruan
Taya basa, taya wakca
Ménta pamundut nu sirna
Basa cai nyiliwuri
Nyaksak dina jero dada
Harita basa munggaran
Kakayonna masih leubeut
Dieuntreupan ku kukupu
Hareudang bayeungyang
Ayeuna tinggal leuwuengna
Masih kénéh dikoréhan
Taya pisan ka ras-rasan
Kukupu lain jelema.
Ari rewog téh tohaga
Teu ningal ka jero dada
Sugan beuteung téh nyangcaya
Kana banda nu di bawa
Sugantéh wanci can peuting
Gening jangkrik ngahariring
Wanci kuring dipaksa jawab
Keukeuh genggerong teu engab
Hanjakal pati hanjakal
Baheula teu mulasara
Kana pati lemah cai
Kana banda teu nga riksa
Ayeuna incu jeung buyut
Ngajoprak pada dipundut
Kakayon nu siliwangi
Taya sésa taya ciri.
Comments
Post a Comment